Judul : Sono ka kang
kabayan
Tokoh :
-
Nyi Iteung
-
Ambu
-
Euis
-
Ema Enok
-
Ibu Titin
-
Imas
Dua taun baheula kabayan meunang pagawean anu resikona
Kedah misahkeun manehna
jeung Nyi iteung .
Dina hiji waktos, Nyi Iteung nuju galau ku sabab kang kabayan
na teu mulang-mulang. Jang ngabubungah maneh Nyi Iteung tuluy nyanyanyian bari
sasapu di teras .
Iteung : “kang kabayan kang
kabayang iraha akang rek mulang
iteung teh iteung teh sono pisan ka akang . “
Torojol ambu ngarewas keun Nyi Iteung .
Ambu : “ heh... Tong
nyanyanyian wae iraha beres na atuh ??”
Iteung : “Ahh.. ambu mah
ngarewaskeun wae!!”
Ambu : “ nya ku naon atuh
nyai teh ngalamun wae, bari nyanyi-nyanyi “
Iteung : “ eta mbu iteung teh
sono ka kang kabayan.”
Ambu : “ eleuh-eleuh .. tos
atuh nyai , tong di pikiran wae . da engke oge bakal mulang ka lembur atuh si
ontohod teh”
Iteung : “muhun ambu “
Ambu : “sok atuh anyeuna
ambu bade miwarang balanja ka warung .. “
Iteung : “bade meser naon
bae mbu ?”
Ambu : “pang meserkeun
lalab jeung sambeuleun, yeuh cicis na”
Iteung : “ muhun ambu .
iteung ka warung heula”
Ambu : “titi dj nya”
Iteung : “ambu..” (balik
deui)
Ambu : “naon deui nyai ?”
Iteung : “iteung teh sono
ka kang kabayan atuh ambu” (bari baed)
Ambu : “euleuh euleuh si
nyai .. tos jug geura balanja! Tong mikiran wae si ontohod kabayan “
Iteung : “nya atuh.
(ngaleos, tapi balik deui) ambu... “
Ambu : “ehh nya naon deui
geulis ?”
Iteung :”assalamu’alaikum”
Ambu : “wa’alaikumsalam” (judes)
Di jalan iteung papendak sareng emak enok jeung euis
Emak enok : “ehh.. nyi
iteung bade kamana geulis ?”
Iteung : “ ehh..emak
enok,euis, bade ka warung bu titin di piwarang ku ambu “
Euis : “ ohh.. upami kitu
mah sami atuh.. abdi sareng emak enok oge bade ka warung bu titin , hayu atuh
urang sasarengan”
Iteung : “ohh.. nya atuh
hayu”
Di jalan emak enok,iteung sareng euis ngobrol, ngomongkeun
kang kabayan.
Teu karasa maraneh na tos nepi di warung bu titin
Bu titin : “ehh emak enok ,
iteung bade meser naon ?”
Iteung : “meser lalab
sareng sambeuleun bu”
Bu titin : “ohh nya atuh
sakedap”
Euis : “ ihh si ibu mah ..
ni ari abdi teu di taros” (bari milih sayuran)
Bu titin : “enya aya euis
oge gening, hampura atuh is teu ka haja, bade meser naon ?”
Euis : “ahh pundung ahh “
(bari baed )
Bu titin : “ eleh eleh tong
pundung atuh neng ahh , ke jadi teu geulis deui atuh ari pundungan mah”
Emak enok : “ ahhh budak
jaman ayeuna mah da labil.”
Euis : “ahh da heureuy atuh
bu, da ibu atuh ni ngan iteung hungkul nu di taros teh , meser tarigu sareng
minyak goreng saparapat”
Emak enok : “euleuh eleuh
carita na mah cemburu merennya” (sabari nepak euis)
Bu titin : “ ohh enya
mereun nya, aya aya wae ahh”
Euis : “naon atuh ahh da
heureuy ihh, jadi isin ari os kieu teh nya teung nya “
Iteung : “hahaduhh naon ari
euis , ojol-ojol ka abdi”
Emak enok : “isin eta teh
nyai , jadi weh kitu”
Sadayana seuri tau aya nu teu seuri..
teu lila datang imas buru-buru bari gegerowokan
teu lila datang imas buru-buru bari gegerowokan
Imas ; “teung .. iteung ..
nyi iteung ..” (bari lulumpatan)
Bu tititn : “ euleuh euleuh
aya naon atuh cenah?”
Emak enok ; “he’eh ni
ngarewaskeun borokokok”
Imas : “euhh.. naon atuh da
lain ka emak abdi mah, bade ka iteung” (bari ngageser emak enok)
Iteung : “aya naon mas ? ni
buru-buru kitu ?”
Imas : “ eta , cenah kang
kabayan tos jadi konglomerat. Bener kitu?”
Iteung : “ hah.. ahh saur
saha atuh mas? Tong sok ngagosip nu can pasti”
Imas : “ehh.. tinggali atuh
di tv aya beritana”
Emak enok : “ahh piraku
jelma kedul kitu bisa jadi konglomerat, moal mungkin “
Imas : “ ehh make jeung
moal mungkin sagala atuh mak . mungkin
bae ari tos berubah mah “’
Iteung : “tos atuh ahh tong
ngomongkeun kang kabayan wae” (lumpat balik ka imah na)
Imas : “ tuh nya da emak
sihh jadi weh iteung na mabur”
Emak enok : “ehh pan didinya
nu mimitian”
Euis : “tos atuh ntos tong
ribut wae..”
Pas nepi imah, ambu na lieur naha kunaon budakna nyi iteung
datang-datang ceurik.
Ambu : “ehh.. kunaon atuh
geulis ?”
Nyi iteung teu ngajawab langsung abus ka kamarna .
Enjing na nyi iteung beuki
galau saprak imas nyarita kabayan jadi konglomerat’’
Iteung : “irahanya kang
kabayan mulang ka lembur?? Lamun emang kang kabayan tos sukses naha atuh acan
uih-uih ka lemburna ??” (bari ngalamun)
Torojol datang ambu na ...
Ambu : “ iteung .. heh,
ngalamun wae” (ari noel iteung)
Iteung : “naon ath ambu ni
ngaganggu wae ambu mah”
Ambu : “ehh maneh teh ,
lainna keur sono ka kabayan pan?”
Iteung : “nya terus ambu
bade naon ?”
Ambu : “eyy .. ni kitu ka
ambu teh. Ieu aya surat kanggo nyai yeuh” (bari ngasongkeun amplop)
Iteung : “ahh.. surat ti
saha atuh ambu? Da teu penting piceun weh!”
Ambu : “ehh naha kitu
gening, yakin dek di piceun bae ieu surat teh
moal kaduhung ?”
Iteung : “nya moal atuh
ambu make jeung kaduhung sagala, sok piceun weh”
Ambu : “nya ntos weh ..
padahal ieu surat teh ti si ontohod kabayan”
Pas ngadenge ambu na ngomong kitu, nyi iteung langsung gorejat
nga betot ambu na
Iteung : “ hah,, ti kang
kabayan ambu ?”
Ambu : “nya , naon kitu?”
Iteung : “mana cik ningali
atuh ambu, iteung teh tos sono ka kang kabayan”
Ambu : “ehh pan tadi di
piwarang di piceun, kumaha atuh cenah “
Iteung : “entong-entong teu
jadi teu jadi”
Ambu : “ tah atuh, labil
dasar”
Tuluy surat eta di baca ku nyi iteung sabari manehna nyanyi
ajret-ajretan.
Iteung : “sik asik sik asik
meunang surat sik asik sik asik surat ti si akang..”
Ambu : “euleuh-euleuh
ngadon nyanyi lainna di baca, sok atuh gera baca ambu teh jadi panasaran”
Iteung : “ihhh ambu mah
kepo”
Ambu : “ ahh nya wios weh atuh,
sok gera baca”
Iteung : “oke cipp!!
Dangukeun nya ...”
Eusi surat ..
“ Nyi Iteung anu di
pikacinta ku akang, kumaha damang? Akang didieu mah alhamdulillah dina kaayaan
sehat wal’afiat.
Nyai .. akang ayeuna mah alhamdulillah tos sukses di jakarta
teh , akang ayena mah akang teh jadi juragan angkot.
Ke nya insyaallah akang bade mulang, hoyong ngalamar Nyi
iteung anu geulis tea,,
Kang Kabayan,
“
Iteung : (bari nyekeul
surat) “alah ambu kang kabayan teh ningan tos tos sukses terus bade ngalamar
iteung deui,, alah meuni bungah kieuu ambu” (bari nangkeup ambu)
Ambu : “ohh syukur
alhamduillah atuh ari kitu mah”
Pas kitu euis jeung imas kabeneran ngaliwat di buruan imah
iteung sabari heran ningali nyi iteung anu keur bungah .
Imas : “kunaon iteung meuni
bunagh kitu ??”
Euis : “muhun meuni bungah
kitu, cik atuh bagi-bagi!”
Iteung : “enya euis , imas
, nu di carioskeun ku imas teh bener
pisan . ayeuna kang kabayan tos sukses di jakarta kang kabayan oge bade
ngalamar iteug, engke mah iteung teh moal sangsara deui iteung teh bakal jadi benghar.
Tong syirik nya !!”
Euis : “ ihh kitu oge meuni
bangga!!”
Imas : “ heu’eh meuni pira
kitu oge bangga,, emang si kabayan te gawe naon di jakarta? Sangkilang jelma
ngedul kitu!”
Iteung : “ihh tong kitu
atuh , eta teh tanda na syirik!! Pan syirik teh tanda teu mampu ! ehh nya nya
pan emang teu mampu, jadi weh syirik *upss” (sabari nutup biwir)
Ambu : “euhhh kalahkah
guntreng ieu teh , bubar bubar bubar !” (sabari ngageubah)
Euis : “ euhh hayu ahhh
urang indit,, bari na ge haroo cicing di imah jelma balaga”
...
Di warung bu titin sareng emak enok nuju ngagosipkeun iteung
Emak enok : “ehh bu si
kabayan teh bener geuning jadi jelma benghar”
Bu titin : “ahh enya kitu ?
ceuk saha ?”
Emak enok : “ehh pan tos
gujrut atuh tos rame . engke ceunah bakal balik, bakal ngalamar si iteung”
Bu titin : “enya syukur
atuh ari kitu mah teu ngedul wae”
Teu lila euis jeung imas datang ka warung sabari aambekan.
Imas : “eh... si balaka
ciprut, karek ge sakitu meuni.”
Euis : “tos, sabar-sabar
isin di tingalikeun ku batur”
Imas : “paduli aingah
esmosi!! Ges ahh mulai isuk mah moal di baturan dei eta jelma .hoream boga
babaturan jiga kitu”
Emak enok : “kunaon atuh
geulis ?datang-datang aambekan”
Euis : “ah biasa weh mak,
keur rarungsing”
Bu titin : “nya.. kunaon
atuh imas teh bet aambekan?”
Euis : “eta paguntreng jeung si iteung !”
Imas : “he’eh meuni balaga pira boga kabogoh beunghar ge! “
Bu titin : “ah piraku iteung kitu,asa moal mungkin ah. Teu percaya “
Imas :”nya entos we ari teu percaya mah “ (sabari ngaleos)
Isuk na iteung papeundak sareng euis jeng imas ,tapi
imas sareung euis kalahka ngabalieur .
Iteung : “ih
naha sih,melongna bari sinis kitu” (sabari ngadelekan)
Imas : “tuh
tingali jelma nu pikaseubeleun” (baru nunjuk ka iteung )
Euis : “tos ah
tong kitu,kitu-kitu ge babaturan”
Imas : “sudi
ah boga babaturan kitu “
Iteung ngaleos sabari baeud.
Saprak eta nyi
iteung di musuhan ku babaturanana, manehna janteun ngalamun wae. Ambu teh jadi
prihatin ningali budakna iteung jiga kitu.
Sapertos biasa manehna ngalamun sabari
diukna bale-bale.
Iteung : “naha
nya kunaon euis jeung imas ngajauhan iteung? Gara-gara kamari kitu ? ah da
iteung mah teu salah.”
Torojol
emak enok nyamperkeun iteung nu ngajieun lamunan iteung buyar.
Emak enok:
“assalamu’alaikum.. kunaon atuh geulis ngalamun bae? Kade ah sok hariwang emak
mah”
Iteung :
“wa’alaikumsalam ,eh emak teu nanaon mak nuju aya masalah we biasa”
Emak enok : “
pasti gara-gara berita kabayan nya ?”
Iteung ;
“muhun..”
Emak enok :
“ntos atuh tong di pikiran, kuduna nyai teh bersyukur ka gusti Allah”
Iteung : “lain
kitu mak, gara-gara itu iteung teh jadi di pusuhan ku euis sareng imas” (bari
tunduk )
Emak enok :
“ahh eta mah syirik ka iteung, tos antep weh engke oge bager deui mun butuh
mah”
Iteung ; “enya
nya saririk merennya ka iteung , pedah bade di lamar ku kang kabayan nu tos
sukses”
Emak enok :
“enya eta teh tanda syirik”
Iteung : “tapi
piraku weh musuhan sareng babaturan nyalira da pamali atuh mak”
Emak enok :
ehh enya hente atuh, make jeung pamali sagala pan manehna nu mimitian ayena mah
iteung teu kudu babaturan sareng jalma
sangsara da tos jadi calon pamajikan konglomerat (bari rarewas)
Iteung :
“ohh.. kitunya mak ?”
Emak enok :
“ohh enya atuh , matakna tong gaul jeung jelma sangsara teu lepel”
Saprak kajadian eta nyi iteung jadi gede
hulu euis sarta imas beuki keheul ningali na.
Sababaraha peo ti harita kabayan balik
ka lemburna, sanajan geus jadi jelma benghar tapi kabayan tu sombong tapi kalakuanna masih kneh jiga baheula.
Salami di jalan bade ka bumi iteung,
kabayan papendak sareng warga desa, tapi kabayan ngarasa aya anu aneh sabab
warga desa ningali kabayan sinis siga nu teu resep ka kabayan .
teu lila kabayan papanggi jeung imas di jalan.
teu lila kabayan papanggi jeung imas di jalan.
Kabayan :
“heh.. imas kumaha damang??”
Imas : “ehh
kabayan .. alhamdulillah damang” (bari melong kaayan ti luhur nepi kahandap )
Kabayan :
(bingung) “kunaon ari imas ?? niii kuatkeun ka kitu melong na , aya nu aneh nya
ti diri kuring ??”
Imas : “ahh
teu kunananon , ngan asa aneh weh ongkoh didinya teh tos sukses”
Kabayan :
“alhamdulillah entos mas, tapi naha beut aneh sagala??”
Imas : “nya
naha ongkoh tos sukses tapi tampilanna kitu-kitu keneh gening, teu robah” (bari
melongkeun baju na)
Kabayan :
“hahaha euleuh-euleuh terus kabayan teh kud kumah kitu tampilanna ?? kudu ake
jas, make dasi jeung mawa koper kitu ? meh katingali geu benghar”
Imas : “nya
enya atuh pan jelma benghar didinya teh”
Iteung : “ahhh
hirup mah saayana na weh tong di leuwih-leuwih , lamun leuwih nya tong di
tembong-tembong kabatur , pamali mas”
Imas : “eleuh
maneh i baheula teu robah-robah gening nya” “(bari nepak bahu kabayan)
Iteung : “enya
atuh moal robah-robah mun kitu power rangers kuring teh, da kuring mah jelma biasa
atuh mas”
Imas :
“hahahaha... maneh mah bisa wae, tapi naha nya pamajikan didinya mah meuni
balaga , gede hulu pisan” (bari melak cangkeng)
Kabayan :
“uleuh saha atuh cenah , iteung ?”
Imas : “nya atuh saha deui , maenya weh abdi,
daek kitu ??”
Kabayan :
“eyyy ni gumeliss .. moal ahh bade satia ka nyi iteung sim kuring mah”
Imas : “ehh
lain gumeliss da emang tos geulis abdi mah” (bari nyo’o bu’uk)
Kabayan : “nya
welahhh kumha imas weh,, emang kunaon nyi iteung ? ehh enya kunaon oge warga
desa teh asa sarebeul kitu ka kabayan ?”(bari ggagaro)
Imas : “nya
eta teh gara-gara kalakuan si iteung , pamjikan didinya tah” (bari tutunjuk)
Kabayan : “ehh
can jadi pamajikkan karek calon , sok tuluy keun . cing baleg ahh”
Imas : “ nya
baleg ti tadi ge, didinya weh nu ngalonyeng wae! Jadi kieu nya..... “
Imas nyarita panjang lebar ka kabayan
tentang kajadian dilembur na. Ti carita
imas kabayan teu percaya nyi iteung kalakuan na jadi kitu.
Imas : “tah kitu carita na teh”
Kabayan :
“euleuh asa teu percaya ny teung kitu. Kudu di bereskeun ieu mah masalah na”’
Imas : “ sok
atuh genggerehkeun pamajikkan teh”
Kabayan : “oke
sipp lahh”
Kabayan tuluy ka bumi iteung buru-buru hayang
apal naon sebabna iteung beut kitu. Teu
lila kabayan nepi di bumi na iteung . tapi bumi na teh sepi..
Kabayan :
“assalamu’alaikum .. ambuuuu .. assalamu’alaikum .. nyi iteung (bari keketrok)
naha kamarana atuh cenahnya ni twu aya nu ngawaro, tapi panto na ngabuka, ahh
lieur ahh ke deui weh kadieu deui welah”
Pas kabayan ngabalikeun awak torojol nyi iteung kaluar ti dapur, nyi
iteung nu ningali kabayan langsung lumpat kaluar.
Iteung ; (bari
meresan baju) “wa’alaikum...salam.. kang kabayaaaannn (gegerowokan sabari
lumpat) ya Allah kang kabayann, akang teh tos mulang .. iteung teh sono pisan ka
akang .” (bari bade nangkeup tapi di tahan ku kabaan)
Kabayan :
(bari nahan iteung) “ehh naon atuh nyosor-nyoso weh, pamali nyi pamali inget
dosa”
Iteung : “wios
atuh akang d iteung teh sono ka akang, da teu aya nu ninggal atuh kang ambu oge
nuju ka warung”
Kabayan :
“euleuh-euleuh si nyai emang didieu mah teu aya nu ningali tapi gusti Allah mah
pasti ningali atuh nyaii” (bari tutunjuk ka luhur)
Iteung : “ahh
akang mah kitu , niii nya wios weh atuh kali-kali mah” (bari baed)
Kabayan :
“ehhh naha jadi iteng nu pundung ieu teh ? kudu na ge akang nu pundung” (bari
nukangeun iteung)
Iteung :
(bingung) “naha jadi akang nu pundung salah iteung naon sok ??”
Kabayan :
“salah iteung teh tos agul”
Iteung :
(ngahuleng) “mm.. maksud akang teh naon atuh ?”
Kabayan : “nya
saprak iteung apal kabayan jadi jalma sukses di jakarta iteung teh jadi
agul , gede hulu”
Iteung :
“saursaha atuh akang ? eta mah fitnah”
Kabayan : “ahh
tng sok ngabohong nya pamali tos seueur nu nyarios! Sok nyarios kunaon beut
kitu iteung teh ?”
Iteung : “nya
teu nanaon atuh akang!!” (bari tungkul)
Kabayan :
“lamun teu kunanaon, menta hampura atuh
sok ka babaturan iteung. Dangu nya nyai, sanajan urang tos beunghar lain
berarti urang teh kudu agul . pan nyai ge terang gusti Allah teh teu resep ka
jalmi kitu”
Iteung : “da
iteung mah teu salah atuh akanggg !!!!!!!!”
Kabayan : “nya
salah atuh nyai , kalakuan nyai ciga kitu teh salah!!” (bari ngabentak)
Iteung :
(tungkul kasieunan)
Torojol ambu datang ti pasar. Ambu heran
kunaon kabayan nyarekan iteung..
Ambu “ehhh.. aya naon ieu teh ??”
Iteung :
“ambuuu...” (nangkeup ambu)
Kabayan : “tah
kalakuan nyi iteung budak ambu nii jadi kitu..” (bari nunjuk iteung)
Ambu : “kunaon
emang na kalakuan iteung ??”
Kabayan : “can
jadi jelma beunghar ge tos kitu tos gede hulu, kumaha mun beunghar nya’an”
Iteung : “ da
iteung mah teu sala ambuuu”
Ambu : “nya
iteung teh salah lamun kitu, kuduna iteung teh tong kitu sanajan iteung tos
jadi jalmi aya ulah agul atawa gee hulu”
Kabayan : “tah
dangu nyai ambu nyarios kumaha, beut akang ge nu tos ngarasakeun jadi jelma aya
teu gede hul atawa agul, akang mah biasa weh teu nembong-nembong lamun akang
jalmi aya, lamun nyai bade janten istri kabayan nyai teh kudu kitu oge sanajan
tos beunghar tapi sederhana”
Iteung : “nya atuh
akang iteung ngaku iteung salah. Enjing iteung bade nyungkeun hampura ka euis
sareng imas”
Kabayan :
“tahhh kitu atuh nyai”
Teu di sangka imas sareng euis ngaliwat,
kabayan nu ninggali duaan eta langsung ngageroan imas sareng euis.
Kabayan :
“tahh eta euis sareng imas ngaliwat. Mass,, iss wooyy” (bari gegerowokan)
Euis : “ehh
ituu di sauran ku kabayan aya naon nya?? Urang samperkeun yuu”
Imas : “hayu..
aya naon kabayan ?” (bari nyamperkeun)
Kabayan : “tah
aya nu bade nyarios” (bari nunjuk iteung)
Euis : “aya
naon?”
Imas :
“alaaahh .. paling ge ngajak parearea omong deui” (bari ngaleos)
Kabayan : “ehh
kela atuuh lain kitu, sokk atuh nyai nyarios” (bari noel iteung)
Iteung :
“mm... kieu euis imas, iteung teh bade nyungkeun hampura ka imas sareng euis ,
kusabab iteung teh tos ngahina imas, sareng hampura ikalakuan iteung nu
kamari-kamarinya” (bari ngadeketan imas sareng euis)
Imas : “sadar
oge gening diddinya, lamun kalakuan didinya teh pikaseubeuleun” (judes)
Euis : “nya iteung , euis oge nyungkeun hampura
nya sok ngamusuhan iteung”
Imas : “nya
abdi oge nyungkeun hampura nya sok ngabentak-bentak iteung”
Iteung : “ nya
teu nanaon da iteung nu salah, ayeuna mah urang silih hampura weh nya”
Euis &
imas : “muhun..”
Tiluan eta parangkel-rangkel ..
Kabayan : “tah
kitu atuh pan enak di tinggalina gee .. cik atuh ahh ngiringan” (bari bade
ngangkeup)
Imas &
euis : “euhhh... hayang na dasar borokokok”
Torojol emak enok sareng bu titin datang
.
Bu titin :
“adeuhh.. aya nan ieu teh ni ngararumpul kieu”
Emak enok :
“nya nii rame aya naon atuh niteu bagi-bagi”
Kabayan : “eta
nyi iteung , euis sareng imas tos akur deui”
Bu titin :
“alhamdulillah .. tah kitu atuh kudu akur sareng rerencangan teh”
Emak enok :
“naha beut bisa akur??”
Imas : “nya
bisa atuh maakkk”
Iteung ; “ nya
makk iteung nyungkeun hampura ka imas sareng euis , dakitu-kitu ge babaturan
iteung tialit atuhh.. piraku bade musuhan waee.. da sanajan miskin ge
tetep babaturan iteung makk”
Ambu : “ohhh..
jadi emak enok nu ngahasut iteung teh ??” (bari nyamperkeun emak enok)
Emak enok :
“sanes kitu ceuu, teu maksud ngahasut abdi mah ngan mapatahan hungkul”
Ambu : “nya
sarua keneh lamun mapatahan nu teu bener
mah”
Bu titin :
“ehhh tos atuh kalah pasea” (bari misahkeun ambu sareng emak enok)
Kabayan : “nya
ihh entos ehhh nya.. tos ahh dangu keun
kabayan bade ngomong hal penting”
Ambu : “naon
kabayan ?? sok atuh mangga”
Kabayan : “
kieunya .. ekhem ekhem .. cekk..cekk..” (bari meresan sarung sareng kopeah na)
Euis : “buru
atuh ni lila”
Kabayan :
“sabar atuh uyy ahh.. jadi kieunya...”
Tiba-tiba imas motong...
Imas : “nya
atuh”
Kabayan :
“kela atuh nyai, motong wae teu sopann!! Jadi kieu..ekhekm ekhem .. ahh era ..
tos ahh serius.. jadi maksdu kadatangan kabayan kadieu teh nyaeta bade..
(nyepeung panangan iteung) kabayan teh bade ngalamar iteung nu dipikacinta
sarta di pikadeudeuh ku kabayan.. iteung tarima moal lamaran kabayan?” (bari
melong panon iteung)
Iteung :
“akang teh yakin bade ngalamar iteung?” (bari melong panon kabayan)
Kabayan :
“enya atuh yakin , yakin sa yakin yakin na”
Iteung : (bari
tungkul) “mmm.. nya atuh iteung tarima
lamaran akang”
Kabayan :
“alhamdulillahhh... asek asek di tarima uyy.. ahay deudeuh niii bungah kieu
hate kuring” (bari aajekkan)
Euis &
imas : “aciiieeeeee..... cieeee... nu tereh kawin ni bungah kitu”
Ambu, emak
enok & bu titin : “alhamdulillah ..”
Teu lila ti kajadian eta kabayan
ngalamar iteung. Maranehna ngikarkeun janji sahidup samati....
***TAMAT***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar