Sabtu, 21 Desember 2013

contoh drama

Judul : Sono ka kang kabayan
Tokoh :
-     Nyi Iteung
-     Ambu
-     Euis
-     Ema Enok
-     Ibu Titin
-     Imas

Dua taun baheula kabayan meunang pagawean anu resikona
Kedah misahkeun manehna jeung Nyi iteung .
       Dina hiji waktos, Nyi Iteung nuju galau ku sabab kang kabayan na teu mulang-mulang. Jang ngabubungah maneh Nyi Iteung tuluy nyanyanyian bari sasapu di teras .
Iteung : “kang kabayan kang kabayang iraha akang rek mulang                                                                      iteung teh iteung teh sono pisan ka akang . “
       Torojol ambu ngarewas keun Nyi Iteung .
Ambu : “ heh... Tong nyanyanyian wae iraha beres na atuh ??”
Iteung : “Ahh.. ambu mah ngarewaskeun wae!!”
Ambu : “ nya ku naon atuh nyai teh ngalamun wae, bari nyanyi-nyanyi “
Iteung : “ eta mbu iteung teh sono ka kang kabayan.”
Ambu : “ eleuh-eleuh .. tos atuh nyai , tong di pikiran wae . da engke oge bakal mulang ka lembur atuh si ontohod teh”
Iteung : “muhun ambu “
Ambu : “sok atuh anyeuna ambu bade miwarang balanja ka warung .. “
Iteung : “bade meser naon bae mbu ?”
Ambu : “pang meserkeun lalab jeung sambeuleun, yeuh cicis na”
Iteung : “ muhun ambu . iteung ka warung heula”
Ambu : “titi dj nya”
Iteung : “ambu..” (balik deui)
Ambu : “naon deui nyai ?”
Iteung : “iteung teh sono ka kang kabayan atuh ambu” (bari baed)
Ambu : “euleuh euleuh si nyai .. tos jug geura balanja! Tong mikiran wae si ontohod kabayan “
Iteung : “nya atuh. (ngaleos, tapi balik deui) ambu... “
Ambu : “ehh nya naon deui geulis ?”
Iteung :”assalamu’alaikum”
Ambu : “wa’alaikumsalam”  (judes)
       Di jalan iteung papendak sareng emak enok jeung euis
Emak enok : “ehh.. nyi iteung bade kamana geulis ?”
Iteung : “ ehh..emak enok,euis, bade ka warung bu titin di piwarang ku ambu “
Euis : “ ohh.. upami kitu mah sami atuh.. abdi sareng emak enok oge bade ka warung bu titin , hayu atuh urang sasarengan”
Iteung : “ohh.. nya atuh hayu”
       Di jalan emak enok,iteung sareng euis ngobrol, ngomongkeun kang kabayan.
       Teu karasa maraneh na tos nepi di warung bu titin
Bu titin : “ehh emak enok , iteung bade meser naon ?”
Iteung : “meser lalab sareng sambeuleun bu”
Bu titin : “ohh nya atuh sakedap”
Euis : “ ihh si ibu mah .. ni ari abdi teu di taros” (bari milih sayuran)
Bu titin : “enya aya euis oge gening, hampura atuh is teu ka haja, bade meser naon ?”
Euis : “ahh pundung ahh “ (bari baed )
Bu titin : “ eleh eleh tong pundung atuh neng ahh , ke jadi teu geulis deui atuh ari pundungan mah”
Emak enok : “ ahhh budak jaman ayeuna mah da labil.”
Euis : “ahh da heureuy atuh bu, da ibu atuh ni ngan iteung hungkul nu di taros teh , meser tarigu sareng minyak goreng saparapat”
Emak enok : “euleuh eleuh carita na mah cemburu merennya” (sabari nepak euis)
Bu titin : “ ohh enya mereun nya, aya aya wae ahh”
Euis : “naon atuh ahh da heureuy ihh, jadi isin ari os kieu teh nya teung nya “
Iteung : “hahaduhh naon ari euis , ojol-ojol ka abdi”
Emak enok : “isin eta teh nyai , jadi weh kitu”
       Sadayana seuri tau aya nu teu seuri..
teu lila datang imas buru-buru bari gegerowokan
Imas ; “teung .. iteung .. nyi iteung ..” (bari lulumpatan)
Bu tititn : “ euleuh euleuh aya naon atuh cenah?”
Emak enok ; “he’eh ni ngarewaskeun borokokok”
Imas : “euhh.. naon atuh da lain ka emak abdi mah, bade ka iteung” (bari ngageser emak enok)
Iteung : “aya naon mas ? ni buru-buru kitu ?”
Imas : “ eta , cenah kang kabayan tos jadi konglomerat. Bener kitu?”
Iteung : “ hah.. ahh saur saha atuh mas? Tong sok ngagosip nu can pasti”
Imas : “ehh.. tinggali atuh di tv aya beritana”
Emak enok : “ahh piraku jelma kedul kitu bisa jadi konglomerat, moal mungkin “
Imas : “ ehh make jeung moal  mungkin sagala atuh mak . mungkin bae ari tos berubah mah “’
Iteung : “tos atuh ahh tong ngomongkeun kang kabayan wae” (lumpat balik ka imah na)
Imas : “ tuh nya da emak sihh jadi weh iteung na mabur”
Emak enok : “ehh pan didinya nu mimitian”
Euis : “tos atuh ntos tong ribut wae..”
       Pas nepi imah, ambu na lieur naha kunaon budakna nyi iteung datang-datang ceurik.
Ambu : “ehh.. kunaon atuh geulis ?”
       Nyi iteung teu ngajawab langsung abus ka kamarna .
Enjing na nyi iteung beuki galau saprak imas nyarita kabayan jadi konglomerat’’
Iteung : “irahanya kang kabayan mulang ka lembur?? Lamun emang kang kabayan tos sukses naha atuh acan uih-uih ka lemburna ??” (bari ngalamun)
       Torojol datang ambu na ...
Ambu : “ iteung .. heh, ngalamun wae” (ari noel iteung)
Iteung : “naon ath ambu ni ngaganggu wae ambu mah”
Ambu : “ehh maneh teh , lainna keur sono ka kabayan pan?”
Iteung : “nya terus ambu bade naon ?”
Ambu : “eyy .. ni kitu ka ambu teh. Ieu aya surat kanggo nyai yeuh” (bari ngasongkeun amplop)
Iteung : “ahh.. surat ti saha atuh ambu? Da teu penting piceun weh!”
Ambu : “ehh naha kitu gening, yakin dek di piceun bae ieu surat teh  moal kaduhung ?”
Iteung : “nya moal atuh ambu make jeung kaduhung sagala, sok piceun weh”
Ambu : “nya ntos weh .. padahal ieu surat teh ti si ontohod kabayan”
       Pas ngadenge ambu na ngomong kitu, nyi iteung langsung gorejat nga betot ambu na
Iteung : “ hah,, ti kang kabayan ambu ?”
Ambu : “nya , naon kitu?”
Iteung : “mana cik ningali atuh ambu, iteung teh tos sono ka kang kabayan”
Ambu : “ehh pan tadi di piwarang di piceun, kumaha atuh cenah “
Iteung : “entong-entong teu jadi teu jadi”
Ambu : “ tah atuh, labil dasar”
       Tuluy surat eta di baca ku nyi iteung sabari manehna nyanyi ajret-ajretan.
Iteung : “sik asik sik asik meunang surat sik asik sik asik surat ti si akang..”
Ambu : “euleuh-euleuh ngadon nyanyi lainna di baca, sok atuh gera baca ambu teh jadi panasaran”
Iteung : “ihhh ambu mah kepo”
Ambu : “ ahh nya wios weh atuh, sok gera baca”
Iteung : “oke cipp!! Dangukeun nya ...”
       Eusi surat ..
“ Nyi Iteung anu di pikacinta ku akang, kumaha damang? Akang didieu mah alhamdulillah dina kaayaan sehat wal’afiat.
       Nyai .. akang ayeuna mah alhamdulillah tos sukses di jakarta teh , akang ayena mah akang teh jadi juragan angkot.
       Ke nya insyaallah akang bade mulang, hoyong ngalamar Nyi iteung anu geulis tea,,
Kang Kabayan,


Iteung : (bari nyekeul surat) “alah ambu kang kabayan teh ningan tos tos sukses terus bade ngalamar iteung deui,, alah meuni bungah kieuu ambu” (bari nangkeup ambu)
Ambu : “ohh syukur alhamduillah atuh ari kitu mah”
       Pas kitu euis jeung imas kabeneran ngaliwat di buruan imah iteung sabari heran ningali nyi iteung anu keur bungah .
Imas : “kunaon iteung meuni bunagh kitu ??”
Euis : “muhun meuni bungah kitu, cik atuh bagi-bagi!”
Iteung : “enya euis , imas ,  nu di carioskeun ku imas teh bener pisan . ayeuna kang kabayan tos sukses di jakarta kang kabayan oge bade ngalamar iteug, engke mah iteung teh moal sangsara deui iteung teh bakal jadi benghar. Tong syirik nya !!”
Euis : “ ihh kitu oge meuni bangga!!”
Imas : “ heu’eh meuni pira kitu oge bangga,, emang si kabayan te gawe naon di jakarta? Sangkilang jelma ngedul kitu!”
Iteung : “ihh tong kitu atuh , eta teh tanda na syirik!! Pan syirik teh tanda teu mampu ! ehh nya nya pan emang teu mampu, jadi weh syirik *upss” (sabari nutup biwir)
Ambu : “euhhh kalahkah guntreng ieu teh , bubar bubar bubar !” (sabari ngageubah)
Euis : “ euhh hayu ahhh urang indit,, bari na ge haroo cicing di imah jelma balaga”
...
       Di warung bu titin sareng emak enok nuju ngagosipkeun iteung
Emak enok : “ehh bu si kabayan teh bener geuning jadi jelma benghar”
Bu titin : “ahh enya kitu ? ceuk saha ?”
Emak enok : “ehh pan tos gujrut atuh tos rame . engke ceunah bakal balik, bakal ngalamar si iteung”
Bu titin : “enya syukur atuh ari kitu mah teu ngedul wae”
       Teu lila euis jeung imas datang ka warung sabari aambekan.
Imas : “eh... si balaka ciprut, karek ge sakitu meuni.”
Euis : “tos, sabar-sabar isin di tingalikeun ku batur”
Imas : “paduli aingah esmosi!! Ges ahh mulai isuk mah moal di baturan dei eta jelma .hoream boga babaturan jiga kitu”
Emak enok : “kunaon atuh geulis ?datang-datang aambekan”
Euis : “ah biasa weh mak, keur rarungsing”
Bu titin : “nya.. kunaon atuh imas teh bet aambekan?”
Euis : “eta paguntreng jeung si iteung !”
Imas : “he’eh meuni balaga pira boga kabogoh beunghar ge! “
Bu titin : “ah piraku iteung kitu,asa moal mungkin ah. Teu percaya “
Imas :”nya entos we ari teu percaya mah “ (sabari ngaleos)
                Isuk na iteung papeundak sareng euis jeng imas ,tapi imas sareung euis kalahka ngabalieur .
Iteung : “ih naha sih,melongna bari sinis kitu” (sabari ngadelekan)
Imas : “tuh tingali jelma nu pikaseubeleun” (baru nunjuk ka iteung )
Euis : “tos ah tong kitu,kitu-kitu ge babaturan”
Imas : “sudi ah boga babaturan kitu “
        Iteung ngaleos sabari baeud.
Saprak eta nyi iteung di musuhan ku babaturanana, manehna janteun ngalamun wae. Ambu teh jadi prihatin ningali budakna iteung jiga kitu.
        Sapertos biasa manehna ngalamun sabari diukna bale-bale.
Iteung : “naha nya kunaon euis jeung imas ngajauhan iteung? Gara-gara kamari kitu ? ah da iteung mah teu salah.”
        Torojol  emak enok nyamperkeun iteung nu ngajieun lamunan iteung buyar.
Emak enok: “assalamu’alaikum.. kunaon atuh geulis ngalamun bae? Kade ah sok hariwang emak mah”
Iteung : “wa’alaikumsalam ,eh emak teu nanaon mak nuju aya masalah we biasa”
Emak enok : “ pasti gara-gara berita kabayan nya ?”
Iteung ; “muhun..”
Emak enok : “ntos atuh tong di pikiran, kuduna nyai teh bersyukur ka gusti Allah”
Iteung : “lain kitu mak, gara-gara itu iteung teh jadi di pusuhan ku euis sareng imas” (bari tunduk )
Emak enok : “ahh eta mah syirik ka iteung, tos antep weh engke oge bager deui mun butuh mah”
Iteung ; “enya nya saririk merennya ka iteung , pedah bade di lamar ku kang kabayan nu tos sukses”
Emak enok : “enya eta teh  tanda syirik”
Iteung : “tapi piraku weh musuhan sareng babaturan nyalira da pamali atuh mak”
Emak enok : ehh enya hente atuh, make jeung pamali sagala pan manehna nu mimitian ayena mah iteung teu kudu  babaturan sareng jalma sangsara da tos jadi calon pamajikan konglomerat (bari rarewas)
Iteung : “ohh.. kitunya mak ?”
Emak enok : “ohh enya atuh , matakna tong gaul jeung jelma sangsara teu lepel”
        Saprak kajadian eta nyi iteung jadi gede hulu euis sarta imas beuki keheul ningali na.
        Sababaraha peo ti harita kabayan balik ka lemburna, sanajan geus jadi jelma benghar tapi kabayan tu sombong  tapi kalakuanna masih kneh jiga baheula.
        Salami di jalan bade ka bumi iteung, kabayan papendak sareng warga desa, tapi kabayan ngarasa aya anu aneh sabab warga desa ningali kabayan sinis siga nu teu resep ka kabayan .
        teu lila kabayan papanggi jeung imas di jalan.
Kabayan : “heh.. imas kumaha damang??”
Imas : “ehh kabayan .. alhamdulillah damang” (bari melong kaayan ti luhur nepi kahandap )
Kabayan : (bingung) “kunaon ari imas ?? niii kuatkeun ka kitu melong na , aya nu aneh nya ti diri kuring ??”
Imas : “ahh teu kunananon , ngan asa aneh weh ongkoh didinya teh tos sukses”
Kabayan : “alhamdulillah entos mas, tapi naha beut aneh sagala??”
Imas : “nya naha ongkoh tos sukses tapi tampilanna kitu-kitu keneh gening, teu robah” (bari melongkeun baju na)
Kabayan : “hahaha euleuh-euleuh terus kabayan teh kud kumah kitu tampilanna ?? kudu ake jas, make dasi jeung mawa koper kitu ? meh katingali geu benghar”
Imas : “nya enya atuh pan jelma benghar didinya teh”
Iteung : “ahhh hirup mah saayana na weh tong di leuwih-leuwih , lamun leuwih nya tong di tembong-tembong kabatur , pamali mas”
Imas : “eleuh maneh i baheula teu robah-robah gening nya” “(bari nepak bahu kabayan)
Iteung : “enya atuh moal robah-robah mun kitu power rangers kuring teh, da kuring mah jelma biasa atuh mas”
Imas : “hahahaha... maneh mah bisa wae, tapi naha nya pamajikan didinya mah meuni balaga , gede hulu pisan” (bari melak cangkeng)
Kabayan : “uleuh saha atuh cenah , iteung ?”
 Imas : “nya atuh saha deui , maenya weh abdi, daek kitu ??”
Kabayan : “eyyy ni gumeliss .. moal ahh bade satia ka nyi iteung sim kuring mah”
Imas : “ehh lain gumeliss da emang tos geulis abdi mah” (bari nyo’o bu’uk)
Kabayan : “nya welahhh kumha imas weh,, emang kunaon nyi iteung ? ehh enya kunaon oge warga desa teh asa sarebeul kitu ka kabayan ?”(bari ggagaro)
Imas : “nya eta teh gara-gara kalakuan si iteung , pamjikan didinya tah” (bari tutunjuk)
Kabayan : “ehh can jadi pamajikkan karek calon , sok tuluy keun . cing baleg ahh”
Imas : “ nya baleg ti tadi ge, didinya weh nu ngalonyeng wae! Jadi kieu nya..... “
        Imas nyarita panjang lebar ka kabayan tentang kajadian dilembur na. Ti  carita imas kabayan teu percaya nyi iteung kalakuan na jadi kitu.
Imas :  “tah kitu carita na teh”
Kabayan : “euleuh asa teu percaya ny teung kitu. Kudu di bereskeun ieu mah masalah na”’
Imas : “ sok atuh genggerehkeun pamajikkan teh”
Kabayan : “oke sipp lahh”
        Kabayan tuluy ka bumi iteung buru-buru hayang apal naon sebabna iteung beut kitu.  Teu lila kabayan nepi di bumi na iteung . tapi bumi na teh sepi..
Kabayan : “assalamu’alaikum .. ambuuuu .. assalamu’alaikum .. nyi iteung (bari keketrok) naha kamarana atuh cenahnya ni twu aya nu ngawaro, tapi panto na ngabuka, ahh lieur ahh ke deui weh kadieu deui welah”
        Pas kabayan ngabalikeun awak  torojol nyi iteung kaluar ti dapur, nyi iteung nu ningali kabayan langsung lumpat kaluar.
Iteung ; (bari meresan baju) “wa’alaikum...salam.. kang kabayaaaannn (gegerowokan sabari lumpat) ya Allah kang kabayann, akang teh tos mulang .. iteung teh sono pisan ka akang .” (bari bade nangkeup tapi di tahan ku kabaan)
Kabayan : (bari nahan iteung) “ehh naon atuh nyosor-nyoso weh, pamali nyi pamali inget dosa”
Iteung : “wios atuh akang d iteung teh sono ka akang, da teu aya nu ninggal atuh kang ambu oge nuju ka warung”
Kabayan : “euleuh-euleuh si nyai emang didieu mah teu aya nu ningali tapi gusti Allah mah pasti ningali atuh nyaii” (bari tutunjuk ka luhur)
Iteung : “ahh akang mah kitu , niii nya wios weh atuh kali-kali mah” (bari baed)
Kabayan : “ehhh naha jadi iteng nu pundung ieu teh ? kudu na ge akang nu pundung” (bari nukangeun iteung)
Iteung : (bingung) “naha jadi akang nu pundung salah iteung naon sok ??”
Kabayan : “salah iteung teh tos agul”
Iteung : (ngahuleng) “mm.. maksud akang teh naon atuh ?”
Kabayan : “nya saprak iteung apal kabayan jadi jalma sukses di jakarta iteung teh jadi agul  , gede hulu”
Iteung : “saursaha atuh akang ? eta mah fitnah”
Kabayan : “ahh tng sok ngabohong nya pamali tos seueur nu nyarios! Sok nyarios kunaon beut kitu iteung teh ?”
Iteung : “nya teu nanaon atuh akang!!” (bari tungkul)
Kabayan : “lamun  teu kunanaon, menta hampura atuh sok ka babaturan iteung. Dangu nya nyai, sanajan urang tos beunghar lain berarti urang teh kudu agul . pan nyai ge terang gusti Allah teh teu resep ka jalmi kitu”
Iteung : “da iteung mah teu salah atuh akanggg !!!!!!!!”
Kabayan : “nya salah atuh nyai , kalakuan nyai ciga kitu teh salah!!” (bari ngabentak)
Iteung : (tungkul kasieunan)
        Torojol ambu datang ti pasar. Ambu heran kunaon kabayan nyarekan iteung..
Ambu  “ehhh.. aya naon ieu teh ??”
Iteung : “ambuuu...” (nangkeup ambu)
Kabayan : “tah kalakuan nyi iteung budak ambu nii jadi kitu..” (bari nunjuk iteung)
Ambu : “kunaon emang na kalakuan iteung ??”
Kabayan : “can jadi jelma beunghar ge tos kitu tos gede hulu, kumaha mun beunghar nya’an”
Iteung : “ da iteung mah teu sala ambuuu”
Ambu : “nya iteung teh salah lamun kitu, kuduna iteung teh tong kitu sanajan iteung tos jadi jalmi aya ulah agul atawa gee hulu”
Kabayan : “tah dangu nyai ambu nyarios kumaha, beut akang ge nu tos ngarasakeun jadi jelma aya teu gede hul atawa agul, akang mah biasa weh teu nembong-nembong lamun akang jalmi aya, lamun nyai bade janten istri kabayan nyai teh kudu kitu oge sanajan tos beunghar tapi sederhana”
Iteung : “nya atuh akang iteung ngaku iteung salah. Enjing iteung bade nyungkeun hampura ka euis sareng imas”
Kabayan : “tahhh kitu atuh nyai”
        Teu di sangka imas sareng euis ngaliwat, kabayan nu ninggali duaan eta langsung ngageroan imas sareng euis.
Kabayan : “tahh eta euis sareng imas ngaliwat. Mass,, iss wooyy” (bari gegerowokan)
Euis : “ehh ituu di sauran ku kabayan aya naon nya?? Urang samperkeun yuu”
Imas : “hayu.. aya naon kabayan ?” (bari nyamperkeun)
Kabayan : “tah aya nu bade nyarios” (bari nunjuk iteung)
Euis : “aya naon?”
Imas : “alaaahh .. paling ge ngajak parearea omong deui” (bari ngaleos)
Kabayan : “ehh kela atuuh lain kitu, sokk atuh nyai nyarios” (bari noel iteung)
Iteung : “mm... kieu euis imas, iteung teh bade nyungkeun hampura ka imas sareng euis , kusabab iteung teh tos ngahina imas, sareng hampura ikalakuan iteung nu kamari-kamarinya” (bari ngadeketan imas sareng euis)
Imas : “sadar oge gening diddinya, lamun kalakuan didinya teh pikaseubeuleun” (judes)
Euis  : “nya iteung , euis oge nyungkeun hampura nya sok ngamusuhan iteung”
Imas : “nya abdi oge nyungkeun hampura nya sok ngabentak-bentak iteung”
Iteung : “ nya teu nanaon da iteung nu salah, ayeuna mah urang silih hampura weh nya”
Euis & imas : “muhun..”
        Tiluan eta parangkel-rangkel ..
Kabayan : “tah kitu atuh pan enak di tinggalina gee .. cik atuh ahh ngiringan” (bari bade ngangkeup)
Imas & euis : “euhhh... hayang na dasar borokokok”
        Torojol emak enok sareng bu titin datang .
Bu titin : “adeuhh.. aya nan ieu teh ni ngararumpul kieu”
Emak enok : “nya nii rame aya naon atuh niteu bagi-bagi”
Kabayan : “eta nyi iteung , euis sareng imas tos akur deui”
Bu titin : “alhamdulillah .. tah kitu atuh kudu akur sareng rerencangan teh”
Emak enok : “naha beut bisa akur??”
Imas : “nya bisa atuh maakkk”
Iteung ; “ nya makk iteung nyungkeun hampura ka imas sareng euis , dakitu-kitu ge babaturan iteung tialit atuhh.. piraku bade musuhan waee.. da sanajan miskin ge tetep  babaturan iteung makk”
Ambu : “ohhh.. jadi emak enok nu ngahasut iteung teh ??” (bari nyamperkeun emak enok)
Emak enok : “sanes kitu ceuu, teu maksud ngahasut abdi mah ngan mapatahan hungkul”
Ambu : “nya sarua  keneh lamun mapatahan nu teu bener mah”
Bu titin : “ehhh tos atuh kalah pasea” (bari misahkeun ambu sareng emak enok)
Kabayan : “nya ihh entos ehhh nya.. tos ahh dangu keun  kabayan bade ngomong hal penting”
Ambu : “naon kabayan ?? sok atuh mangga”
Kabayan : “ kieunya .. ekhem ekhem .. cekk..cekk..” (bari meresan sarung sareng kopeah na)
Euis : “buru atuh ni lila”
Kabayan : “sabar atuh uyy ahh.. jadi kieunya...”
        Tiba-tiba imas motong...
Imas : “nya atuh”
Kabayan : “kela atuh nyai, motong wae teu sopann!! Jadi kieu..ekhekm ekhem .. ahh era .. tos ahh serius.. jadi maksdu kadatangan kabayan kadieu teh nyaeta bade.. (nyepeung panangan iteung) kabayan teh bade ngalamar iteung nu dipikacinta sarta di pikadeudeuh ku kabayan.. iteung tarima moal lamaran kabayan?” (bari melong panon iteung)
Iteung : “akang teh yakin bade ngalamar iteung?” (bari melong panon kabayan)
Kabayan : “enya atuh yakin , yakin sa yakin yakin na”
Iteung : (bari tungkul)  “mmm.. nya atuh iteung tarima lamaran akang”
Kabayan : “alhamdulillahhh... asek asek di tarima uyy.. ahay deudeuh niii bungah kieu hate kuring” (bari aajekkan)
Euis & imas : “aciiieeeeee..... cieeee... nu tereh kawin ni bungah kitu”
Ambu, emak enok & bu titin : “alhamdulillah ..”
        Teu lila ti kajadian eta kabayan ngalamar iteung. Maranehna ngikarkeun janji sahidup samati....



***TAMAT***